Selasa, 31 Oktober 2017
Ornithocheirus yang terimpikan
Ku coba untuk menggambarkan.....
dari apa yang tersirat kuimpikan.....
diujung pelatuk adalah jawer
pelatuk panjang adalah ekor
............................
Mudah-mudahan tiasa dilukiskan
meskipun hanya dalam bayangan yang dibayangkan.
Senin, 30 Oktober 2017
Jumat, 27 Oktober 2017
MID - UPTS Ganjil 2017 Basa Sunda 10
1. Struktur nu aya dina biantara sacara garis badagna diantarana nyaeta ….
A. pamuka, eusi, panutup
B. eusi, pamuka, panutup
C. panutup, pamuka, eusi
D. pamuka, panutup, eusi
E. eusi, panutup, pamuka
2. Perhatikeun bagian eusi tina biantara dihandap ieu!
- Kamerdikaan hiji anugrah ti Nu Maha Kawasa
- Kamerdikaan hak unggal Bangsa
- Ngahormat jasa para pahlawan
- Ngeusi ngamerdikaan ku rupa-rupa kagiatan
Kira-kira lamun bagian eusina sakumaha diluhur, pijejereun biantara nu pas nyaeta ….
A. Mieling Pahlawan Boga Jasa
B. Unggal Bangsa Merdeka
C. Mieling Proklamasi Kamerdikaan
D. Harkat Darajat Proklamasi
E. Mieling Proklamasi Unggal Bangsa
3. Perhatikeun kecap-kecapan nu biantara di handap ieu!
Para wargi, kersaning Gusti Nu Maha Suci, dina ieu wengi urang tiasa silaturahmi sakantenan tolabul ilmi. Mugia ieu acara ti kawitan dugika pungkasan sing aya dina kalancaran, sajabi ti eta, mugia bae kahontal sagala rupi pamaksadan. Amin.
Ngilik basana, biantara diluhur aya dina ….
A. Bagian panutup
B. Bagian eusi
C. Bagian pamuka
D. Bagian jejer
E. Bagian kasimpulan
4. Perhatikeun ungkara basa biantara di handap ieu!
Ngadegna simkuring dina ieu danget, teu aya sanes seja ngiring jabung tumalapung sabda tumapalang.
Kitu oge bari jeung dag-dig-dug jajantung, degdegan perasaan, gimir ati, era parada ku teu bisa. Ieu mah etang-etang lauk buruk milu mijah. Ngalantur mugia aya bukur, ngadalak mugi aya nu dicandak.
Supados teu nyangkolong kana waktos, bilih kamalinaan bubukana, nepika cul dogdog tinggal igel engkena, urang tataan naon nu jadi bahan caritaan nu rek jadi picaritaeun.
Kahiji silaturahmi, kadua tolabul ilmi, katilu materi ngaji nyaeta Maulid Nabi, kaopat do’a maranti sangkan ngaji ngarti.
Para hadirin anu dipihormat.
Urang pedar bagian kahiji nyaeta silaturahmi.
Teu aya maksad mamatahan ngojay ka meri atanapi mamatahan naek ka monyet, ieu mah etang-etang ngemutan diri sareung ngimeutan naon anu aya dina diri, saur paripaos tea mah ngabejaan bulu tuur bae. Ari silaturahmi teh faedahna ngajembarkeun kana rizkina sinareng maoskeun kana yuswana, kitu ceunah.
Ungkara basa lauk buruk milu mijah, boga harti ….
A. Pipilueun nyarita da hayang disebut nyaho
B. Pipilueun nyarita kawas jalma nu pinter
C. Pipilueun nyarita dina hiji urusan
D. Pipilueun nyarita bari tatanya
E. Pipilueun wae kana sagala urusan
5. Ungkara basa cul dogdog tinggal igel, boga harti ….
A. Pagawean nu poko diantep kalah migawe nu teu perlu
B. Pagaweannana ngan igel-igel bae
C. Pagaweannana ngan ngantep dogdog bae
D. Pagaweannana teu eureun-eureun
E. Pagaweannana can anggeus bae
6. Ungkara basa mapatahan naek ka monyet, boga harti ….
A. Mapatahan ka diri sorangan
B. Mapatahan ka jalma nu geus nyaho atawa ahlina
C. Mapatahan ka jalma nu teu nyaho
D. Mapatahan diri nu papatahaneun
E. Mapatahan batur ngarah katingali pinter
7. Ungkara basa ngabejaan bulu tuur, boga harti ….
A. Ngabejaan tuur batur
B. Nyorodcod tuur
C. Ngabejaan jalma nu geus nyaho
D. Ngabejaan ngarah batur nyaho
E. Ngabejakeun jalma ka batur
8. Biantara nu hade teh diantarana ….
A. Loba mamanis basana
B. Saeutik heureuyna
C. Kaharti jeung mangpaat eusina
D. Panjang eusina
E. Pondok atawa singket eusina
9. Pibasaeun minangka kecap pamungkas biantara anu merenah jeung bener nyaeta ….
A. Sampurasun
B. Rampes
C. Para wargi anu dipihormat
D. Hatur nuhun kana perhatosannana. Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
E. Assalamu’alaikum Wr. Wb. Para hadirin anu dipihormat
10. Pangapunten, abdi teh seja …. dina ieu acara.
A. Henteu gedag bulu salambar
B. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
C. Banda aalang raga
D. Jabung tumalapung, sabda tumapalang
E. Panteur-anteur julang
11. Hiji jalma bisa apal ka jalma sejenna ku cara paguneman dina tilu perkara, kajaba ….
A. Pikiran
B. Rasa
C. Kahayang
D. Rezeki
E. Kabeh jawaban bener
12. Perhatikeun paguneman di handap ieu!
Dadan : Damang, Bi?
Bi Teti : Pangesto, Dan. Aya hibar. Samulihna, kumaha wartosna?
Dadan : Alhamdulillah abdi oge. Nuju naon Bi? Kumaha upami urang sareng ngurilingan pasar?
Bi Teti : Nyasat ari kitu mah. Apan Bibi nuju reureuh ngantosan pun anak, nembe kukuringan di pasar.
Dadan : euh, paingan atuh. Mangga atuh tuang putra urang pilari, mung abdi kirang terang. Saha jenengannana?
Bi Teti : Namina Odang, diacuk koneng, cureuleuk mung rada jabrig.
Dadan : Jentre pisan Bi!
Nitenan undak-usuk basa nu dipake dina paguneman di luhur, kaasup ….
A. loma
B. kasar
C. lemes
D. alus
E. goreng
13. Kecap jabrig dilarapkeun kana ….
A. Huntu
B. Panon
C. Biwir
D. Halis
E. Buuk
14. Kecap cureuleuk dilarapkeun kana ….
A. Buuk
B. Huntu
C. Panon
D. Halis
E. Biwir
15. Kecap jenengan, lemesna tina kecap ….
A. ngaran
B. wasta
C. nami
D. nama
E. teu aya nu bener
16. Lamun ka saluhureun ngucapkeun “damang”, ka sahandapeun mah ….
A. geuring
B. udzur
C. cageur
D. berag
E. gelo
17. Kabayan : ……….
Iteung : Sinjang anu akang.
Abah : kadieukeun iteung, urang …… dina leutak!
Ambu : enya lah, ……. si borokokok ieuh.
Kecap pananya nu diucapkeun ku si kabayan pasna nyaeta ….
A. Teung, mawa saha?
B. Teung, mawa naon?
C. Iraha mawa, Teung?
D. Kumaha Iteung mawa?
E. Iteung, naha mawa?
18. Dina paguneman di luhur, kecap nu pas jang nyampurnakeun ucapan si Abah, nyaeta ….
A. duruk
B. lelepkeun
C. deang
D. sangray
E. kulub
19. Dina paguneman di luhur, nu dilandih borokokok teh nyaeta ….
A. Ambu
B. Abah
C. Iteung
D. Kabayan
E. Sinjang
20. Dina paguneman di luhur, kecap nu nyampurnakeun ucapan si Ambu teh kecap kasar tina sinjang, nyaeta ….
A. sorban
B. baju
C. calana
D. kaos
E. samping
21. Ceuk pamanggih hideup, naon ari nu disebut biantara teh?
22. Tataan ku anjeun lengkah-lengkah upama rek ngalakukeun biantara!
23. Dina biantara raraga nyambut taun anyar hijriah, tuliskeun ku hidep bagian eusi anu pas!
24. Dina paguneman dua jalma atawa leuwih, aya perkara-perkara nu bisa nembrak. Sebutkeun!
25. Jieun hiji teks paguneman antara tilu jalma anu eusina bebas nyaritakeun naon bae!
MID - UPTS Ganjil 2017 Basa Sunda 11
1. Wangun basa anu dirakit/disusun ku pangarang/seniman/bujangga sarta miboga wirahma nu ajeg atawa angger dingaranan ….
A. Sajak
B. Mantra
C. Kawih
D. Novel
E. Dongeng
2. Ari anu disebut wirahma nyaeta ….
A. Aturan nu aya dina tempo lagu
B. Aturan nu aya dina ngarang lagu
C. Aturan nu aya dina sora ngawih
D. Aturan nu aya dina seni
E. Aturan anu aya dina lagu
3. Dina lagu aya aturan nu ngaranna wiletan jeung tempo. Ari anu dimaksud ku wiletan teh nyaeta ….
A. Aturan sora lalaguan
B. Aturan sora tatabeuhan
C. Aturan sora pangarang lagu
D. Aturan tempo lalaguan
E. Aturan lentong sora lagu
4. Titi laras atawa tangga nada dina karawitan sunda di wangun ku:
A. 1/da 2/mi 3/na 4/ti 5/la
B. 1/da 2/la 3/mi 4/na 5/ti
C. 1/da 2/ti 3/na 4/la 5/mi
D. 1/la 2/da 3/ti 4/na 5/mi
E. 1/na 2/mi 3/ti 4/la 5/da
5. Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
Ka kaler mah ka kaler katojo bulan
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal paler du da ku sabulan
Padalisan katilu jeung kaopat dina sempalan rumpaka kawih di luhur the ngagambarkeun kaayaan hate nu pinuh ku rasa ….
A. Kabungah atawa gumbira
B. Kakeuheul atawa ambek
C. Kasedih atawa katunggara
D. Katresna atawa kaasih
E. Teu aya nu bener
6. Dina rumpaka kawih diluhur aya kecap moal paler, sarua maksudna jeung kecap ….
A. Moal inget
B. Moal baha
C. Moal poho
D. Moal leler
E. Moal putus
7. Perhatikan rumpaka Kawih di handap ieu!
Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bias diatur ku urang
Cinta bias ilang jeung nembongan
Repok jodo ahirna datang sorangan
Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta
Cinta panjang lalakonna
Judul Kawih di luhur nyaeta ….
A. Kalangkang
B. Cinta
C. Peuyeum Bandung
D. Tahu Sumedang
E. Jodo
8. Rumpaka kawih di luhur (no. 7) pangarangna nyaeta ….
A. Sambas
B. Darso
C. Doel Soembang
D. Nano S.
E. Yayan Kermit
9. Perhatikan rumpaka Kawih di handap ieu!
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggsi mah aduh henteu ngajadi
Padalisan katilu jeung kaopat kawih di luhur the nadana ngagambarkeun kaayaan rasa ….
A. Kasieun cintana henteu ngajadi
B. Kahanjakal cintana henteu ngajadi
C. Ambek pedah cintana henteu ngajadi
D. Bungah pedah cintana henteu ngajadi
E. Ngewa pedah cintana henteu ngajadi
10. Dina rumpaka kawih diluhur aya kecap jungjunan, sarua hartina jeung kecap ….
A. popotongan
B. bubuyutan
C. badega
D. bebene
E. dunungan
11. Perhatikan rumpaka Kawih di handap ieu!
Dimana mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Duh nikmat rasana
Judul sempalan kawih di luhur nyaeta ….
A. Peuyeum Bandung
B. Colenak
C. Goreng Pisang
D. Tahu Sumedang
E. Borondong Garing
12. Dina rumpaka kawih diluhur aya kecap Kakoncara, sarua hartina jeung kecap ….
A. katingali
B. kasohor
C. ngajadi
D. kapanggih
E. kadenge
13. Bahan campuran nu biasa sok dipake dina nyieun peuyeum nyaeta ….
A. gula
B. uyah
C. pecin
D. ragi
E. tarasi
14. Perhatikeun sajak di handap ieu!
Priangan
(Rahmat M. Sas Karana)
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugika puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
Sajak di luhur nyaritakeun ngenaan ….
A. Mojang lenjang
B. Tanah Priangan
C. Nu hideung santen
D. Jungjunan
E. Puput umur
15. Maksudna panyajak nuliskeun kecap mojang lenjang nyaeta ….
A. Nyaritakeun nu hideung santen
B. Kageulisan hiji wanoja
C. Ngibaratkeun tanah sunda
D. Ngagambarkeun jawa barat
E. Inget wae ka jungjunan
16. Dina eta sajak aya kecap hideung santen, biasana sok dilarapkeun kana ….
A. pangawakan
B. papasangan
C. papakean
D. pakulitan
E. pasipatan
17. Bulan ngempur dina eta sajak, ngagambarkeun ….
A. Wanoja nu geulis pisan
B. Endahna alam priangan
C. Caangna sorot bulan
D. Kaayaan lamun peuting
E. Teu aya nu bener
18. Sasaruaan kecap srangenge dina eta sajak nyaeta ….
A. Samagaha
B. Bulan
C. Mega
D. Halimun
E. Panon poe
19. Harti sejen tina puput umur dina eta sajak nyaeta ….
A. Maot
B. Hirup
C. Panjang umur
D. Saumur-umur
E. Mundut umur
20. Kecap kurebkeun dina eta sajak hartina sarua jeung ….
A. Tancebkeun
B. Asupkeun
C. Lelepkeun
D. Kuburkeun
E. pelakkeun
21. Sebutkeun unsur-unsur rumpaka kawih anu Anjeun apal!
22. Coba tataan kalawan jentre lengkah-lengkah dina nyieun peuyeum sampeu!
23. Kalawan basa nu singket, caritakeun deui ku Anjeun eusi rumpaka anu aya dina kawih “Peuyeum Bandung” cipt. Sambas!
24. Sebutkeun wanda sajak anu Anjeun apal!
25. Sebutkeun 3 conto sajak epik (judul katut nu nyieunna) anu kapanggih dina LKS Hideup!
Langganan:
Postingan (Atom)